Catetan Hikmah: Wasiat Kanjeng Nabi Muhammad SAW Ka Sayyidina Ali r.a
Hasil Ngopi Edisi Sabtu, 15 November 2025: Ngabersihkeun Raga, Ngajauhkeun Dosa, Ngabaguskeun Niat
Bismillahirrahmanirrahim...
Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Dina wengi Sabtu kamari, sim kuring sapertos biasana ngayakeun pangaosan kaluarga nu dipimpin ku ustadz Husen. Alhamdulillah.. wasilah pangaosan hayu urang ngaguar hiji panginget anu kacida pentingna, nyaéta wasiat anu pinuh ku hikmah ti Kanjeng Nabi Muhammad SAW ka mantuna anu mulya, Sayyidina Ali bin Abi Thalib r.a., ngeunaan hakékat tobat jeung ngajalankeun kahirupan dunya. Intina mah, tobat téh sanés ngan ukur ucapan lisan, tapi kudu dibarengan ku parobahan dina sagala aspék kahirupan, utamana dina kabersihan raga jeung niat.
Nu kumaha Ari tobat teh?
1. Panto Tobat Dimimitian ku Kabersihan
Wasiat munggaran nyaéta ngeunaan syarat ditarimana tobat. Saur Kanjeng Rasul: Moal ditarima tobat hiji jalma, lamun teu ngabersihkeun patuanganana.
Ieu téh hartosna leres pisan: Barangtuang kudu nu halal, ngajauhan tina kadaharan anu haram, sarta anu teu éléh pentingna nyaéta kabersihan dina kasab atawa pagaweanana. Kumaha urang miharep panghampura ti Allah SWT upami dina awak urang masih kénéh aya barang haram anu jadi kadaharan urang? Kabersihan éksternal (tuangeun) sareng kabersihan dina kasab (ngajalankeun hirup) mangrupakeun konci kana kabersihan internal (haté).
2. Élmu jeung Haté anu Teuas
Wasiat salajengna nyorot pentingna kasucian haté pikeun para inohong sareng jalmi biasa:
Jalma 'alim anu magahan ka jalma, kudu bersih éta haténa, sangkan asup élmuna ka si murid. Kabersihan guru bakal mangaruhan kana manah murid. Élmu téh cahaya, moal asup ka wadah anu kotor.
Panginget pikeun urang sadayana: Bilamana jalma liwat 40 subuh Jeung henteu diuk jeung ulama salila 40 poé, maka haténa bakal teuas. Saenyana élmu éta ngahirupkeun haté. Ngariung jeung para ulama, ngadéngékeun ceramah agama, téh mangrupakeun asupan spiritual pikeun ngaleuleuskeun haté anu teuas ku urusan dunya.
3. Niat: Parahu urang nu Ngambang di Samudra
Dina ngajalankeun sagala rupi perkara, niat téh mangrupakeun pondasi anu utama. Ieu pisan anu dicontokeun dina wasiat ieu:
Anyarkeun Parahu, saenyana lautan éta Jero. Parahu di dieu nyaéta niat urang. Lautan éta kahirupan dunya sareng akherat. Hartina: Baguskun niat urang dina sakabéh perkara, sabab niat anu hadé bakal mawa urang ka tempat anu hadé.
Dina hal rezeki sareng pitulung: Jalan anu bersih niatna, Allah bakal nyukupkeun kabutuhanana. Saenyana pitulung Allah ka hambana kumaha niatna. Jalma anu beresih niatna, maka bakal sampurna pitulung ti Allah. Sabalikna, jalma anu kurang niatna, éta bakal ngurangan pitulung Allah. Niat anu tulus murni lillahi ta'ala bakal meunang balasan anu sampurna.
4. Nyampurnakeun Bekel jeung Ngénténgkeun Babawaan
Kahirupan dunya téh sanés tujuan akhir, tapi mung samentara pikeun ngumpulkeun bekel.
Numawi hayu urang sasarengan nyampurnakeun bekel akherat, sabab urang bakal leumpang jauh (ka akherat), nyaéta bekel ibadah sarta amal saé. Éta perjalanan téh kacida jauhna, urang kudu nyiapkeun bekel anu cukup.
Énténgkeun babawaan di dunia, sabab di dunia éta ibarat leumpang anu nanjak. Ulah loba huhutang, sabab hutang bakal ngabeuratkeun di dunia kénéh. Bebanan dunya (utamana hutang) bakal ngahalangan urang dina ngalaksanakeun ibadah.
Saumpama perkara akherat éta laut anu jero jeung leumpang jauh. Ieu deuih panginget yén urusan akherat téh kacida pentingna, ulah dianggap sepele.
5. Ikhlas, Bahagia, jeung Syukur
Wasiat pamungkas nyimpulkeun kana pentingna ikhlas sareng syukur.
Ikhlas kana sagala amal, saenyana Allah éta ningali ku sifat Bashar-Na. Allah SWT Maha Ningali kana naon waé anu dilakukeun ku urang, nepi ka jero-jero niat dina haté.
Bakal bagja pikeun jalma anu ngalengkah lillahi ta'ala. Kabagjaan sajati mah ayana dina amal anu tulus, dina jalan Allah.
Panginget yén hukuman Allah nyata: Allah bakal nyiksa ka jalma anu ngalakukeun dosa tanpa pandang bulu.
Dina urusan rezeki, urang diajarkeun pikeun syukur: Bilamana anjeun tos teu dahar 3 poé, éta ngaranna beurat. Lamun 3 poé bisa dahar kénéh mah, berarti hirup anjeun teu beurat. Artina urang kudu syukur kana nikmat ti Allah SWT. Sakumaha waé kaayaan urang, pasti aya waé nikmat anu kudu disyukuran.
Mugia catetan ieu tiasa janten panginget anu manfaat pikeun urang sadayana. Aamiin..
Wallahu a'lam Bisshowab
Nimas

Komentar
Posting Komentar