Catetan Hikmah: Wasiat Kanjeng Nabi Muhammad SAW Ka Sayyidina Ali r.a
Hasil Ngopi Edisi Sabtu, 15 November 2025: Ngabersihkeun Raga, Ngajauhkeun Dosa, Ngabaguskeun Niat Bismillahirrahmanirrahim... Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh. Dina wengi Sabtu kamari, sim kuring sapertos biasana ngayakeun pangaosan kaluarga nu dipimpin ku ustadz Husen. Alhamdulillah.. wasilah pangaosan hayu urang ngaguar hiji panginget anu kacida pentingna, nyaéta wasiat anu pinuh ku hikmah ti Kanjeng Nabi Muhammad SAW ka mantuna anu mulya, Sayyidina Ali bin Abi Thalib r.a., ngeunaan hakékat tobat jeung ngajalankeun kahirupan dunya. Intina mah, tobat téh sanés ngan ukur ucapan lisan, tapi kudu dibarengan ku parobahan dina sagala aspék kahirupan, utamana dina kabersihan raga jeung niat. Nu kumaha Ari tobat teh? 1. Panto Tobat Dimimitian ku Kabersihan Wasiat munggaran nyaéta ngeunaan syarat ditarimana tobat. Saur Kanjeng Rasul: Moal ditarima tobat hiji jalma, lamun teu ngabersihkeun patuanganana. Ieu téh hartosna leres pisan: Barangtuang kudu nu halal, ngajauhan tina ka...